BAGJA KAGUNGAN SAALIT
Leutik
hate jadina Ngajagrag Pedah ninggal photographer garaduh studio mangpinuh ku
alat aagrengna,, waas kahayang hate leutik mah hayang bobogaan kawas kitu. Tungtungna
kuring teh nyieun da sok sanajan leutik oge ngarana studio photo.. komo deui di
imah sorangan.
"leuwih saé
photo outdoor" da nggaduhan studio kitu jeung kitu ngabebenah basa sangkan
anu dipoto daek photo "outdoor", unggal usik moto pasti di ajak ulin
ku kuring ka tempat anu endah jeung mernah...
Gede
haté... harita kuring ngobrol dina satelit jeung salah saurang photographer,
manehna urang Bandung ayeuna ngabogaan studio anu sakitu aagrengna di nagara batur
dicicngan ayeuna,
Leutik
hate… kawula bobogaan studio ngan ukur Tempat saantrag, duk dek jauh ka rasa
mewah Ngobrol kaditu kadieu muji hasil kaendahan karya anjeunna Tungtungna anjeuna menta nembongkeun photo nu
saya :(
ceunah "your
photo mawa manah" pok na teh ka kuring,
Ceuk kuring, bari
manghampura basa harita yen nyarita “ieu mah pedah weh teu boga studio nu merenah,
jadi reana photo outdoor”. Make studio ge ngan ukur saayana rereana mah motoan
pas poto hungkul tujuanna ngabantuan
kolot usaha.
Ceuk babaturan
kuring anu di nagara Hongkong teh "Jang Hirup teh ibadah rela ihlas ngumawula, ALAMmu adalah STUDIOmu, tresna kalid
sulaya lamun aya basa usaha keur kahadean" pok na teh...
Duh gusti nu kungsi ngancik na ati,,,mun aya potoeun teh kuring mah sok
mangpalerkeun. Tempat saantrag, duk dek jauh ka rasa mewah, sanajan hiliwirna
angin nu mawa seungit nu kungsi matak pait, tapi ai ku butuh mah dilakonan weh
da kungsi meupeus keuyang rasa nu mancawura muga pareng isuk mawa niat kahadean
mantuan kolot.
Beunghar
hate... anjeun hirup didunia ieu. Sok sanajakan aya kajantenan kadang matak
ngaleutikeun hate kuring beuki semanget nembongkeun kamonésan kahirupan ieu
didunia lamun aya basa usaha keur kahadean.
Hirup teh cita-cita ngudag-ngudag mangsa jeung
rasa
Hirup teh tunggara upama tresna kalid sulaya
Hirup teh seuneu nu ngaduruk lulurung sukma
Hirup teh ibadah rela ihlas ngumawula
Hirup teh aci-acining:
Bagja!
wilujeng saé manah_/\_
wilujeng saé manah_/\_


