BAGJA KAGUNGAN SAALIT

21.16 Firsand 0 Comments


Leutik hate jadina Ngajagrag Pedah ninggal photographer garaduh studio mangpinuh ku alat aagrengna,, waas kahayang hate leutik mah hayang bobogaan kawas kitu. Tungtungna kuring teh nyieun da sok sanajan leutik oge ngarana studio photo.. komo deui di imah sorangan.
"leuwih saé photo outdoor" da nggaduhan studio kitu jeung kitu ngabebenah basa sangkan anu dipoto daek photo "outdoor", unggal usik moto pasti di ajak ulin ku kuring ka tempat anu endah jeung mernah...
Gede haté... harita kuring ngobrol dina satelit jeung salah saurang photographer, manehna urang Bandung ayeuna ngabogaan studio anu sakitu aagrengna di nagara batur dicicngan ayeuna,
Leutik hate… kawula bobogaan studio ngan ukur Tempat saantrag, duk dek jauh ka rasa mewah Ngobrol kaditu kadieu muji hasil kaendahan karya anjeunna  Tungtungna anjeuna menta nembongkeun photo nu saya :(
ceunah "your photo mawa manah" pok na teh ka kuring,
Ceuk kuring, bari manghampura  basa harita yen nyarita  “ieu mah pedah weh teu boga studio nu merenah, jadi reana photo outdoor”. Make studio ge ngan ukur saayana rereana mah motoan pas poto hungkul  tujuanna ngabantuan kolot usaha.
Ceuk babaturan kuring anu di nagara Hongkong teh "Jang Hirup teh ibadah rela ihlas ngumawula, ALAMmu adalah STUDIOmu, tresna kalid sulaya lamun aya basa usaha keur kahadean" pok na teh...

Duh gusti nu kungsi ngancik na ati,,,mun aya potoeun teh kuring mah sok mangpalerkeun. Tempat saantrag, duk dek jauh ka rasa mewah, sanajan hiliwirna angin nu mawa seungit nu kungsi matak pait, tapi ai ku butuh mah dilakonan weh da kungsi meupeus keuyang rasa nu mancawura muga pareng isuk mawa niat kahadean mantuan kolot.

Beunghar hate... anjeun hirup didunia ieu. Sok sanajakan aya kajantenan kadang matak ngaleutikeun hate kuring beuki semanget nembongkeun kamonésan kahirupan ieu didunia lamun aya basa usaha keur kahadean.

Hirup teh cita-cita ngudag-ngudag mangsa jeung rasa
Hirup teh tunggara upama tresna kalid sulaya
Hirup teh seuneu nu ngaduruk lulurung sukma
Hirup teh ibadah rela ihlas ngumawula

Hirup teh aci-acining:
Bagja!

wilujeng saé manah_/\_